:

2 Raja-raja 14

1

Amasia putra Raja Yoas jadina raja nagara Yuda dina taun kadua Yoas putra Yoahas ngarajaan nagara Israil,

2

dina yuswa dua puluh lima taun. Calikna di Yerusalem, ngarajaanana dua puluh salapan taun. Jenengan ibuna Yoadan, urang Yerusalem keneh.

3

Lampahna matak pikamanaheun PANGERAN, ngan teu saperti Raja Daud karuhunna. Anjeunna cara ramana bae,

4

henteu ngagempur tempat-tempat pangibadahan ka brahala; rahayat masih keneh ngalurban jeung ngarukus di tempat-tempat kitu.

5

Sanggeus Amasia ngaraos yen kakawasaanana geus nanceb, teu talangke deui ngahukum paeh ponggawa-ponggawa anu nelasan Raja Yoas ramana.

6

Tapi henteu terus maehan ka anak-anakna, sabab anjeunna tunduk kana timbalan PANGERAN anu kaungel dina Hukum Musa, yen: "Bapa teu meunang dihukum paeh ku karana kajahatan anakna; anak teu meunang dihukum paeh ku karana kajahatan bapana; sing saha anu jahatna, eta anu kudu dihukum paeh."

7

Di Lebak Uyah Amasia numpes 10.000 serdadu urang Edom, ngarebut kota Sela, sarta eta kota diganti ngaranna jadi Yoktel, nepi ka kiwari.

8

Sanggeus kitu Amasia ngintun utusan ka Yoas raja Israil, nangtang perang.

9

Tapi ku Raja Yoas diwaler kieu, "Sakali mangsa di Pagunungan Libanon, tangkal cucuk ngirim pamenta ka tangkal kiputri, pokna, ‘Anak awewe andika ku kula rek dipenta keur pibojoeun anak kaula.’ Pareng aya sato leuweung ngaliwat, tangkal cucuk teh kaidek.

10

Beu Amasia, ulah kena-kena geus bisa ngelehkeun urang Edom! Benerna geus mashur mah enggeus masing jongjon di imah. Keur naon ngusik-ngusik pibalaieun, anu temahna andika jeung rahayat cilaka?"

11

Tapi ku Amasia teu didangu. Ku sabab kitu Raja Yoas jengkar nyandak balad ka wewengkon Yuda, teras merangan di Bet Semes.

12

Balad Amasia eleh, prajuritna kalabur ka saimah-imahna.

13

Amasia ku Yoas ditangkep jeung dicandak ka Yerusalem. Sumping ka Yerusalem, Yoas ngarugrugkeun kuta nagara ti semet Gapura Epraim nepi ka Gapura Juru, panjangna kira-kira dua ratus meter.

14

Emas perak anu kapendak ku Yoas dicandak, kitu deui paparabotan Bait Allah jeung rajabrana karaton kabeh dirampas, dicandak mulih ka Samaria. Malah nyandak sandera sababaraha urang.

15

Carita Yoas salian ti eta, kitu deui kagagahanana waktu perang ngalawan Amasia raja Yuda, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

16

Sanggeus Yoas pupus jeung dikurebkeun di makam karajaan di Samaria, Yarobam II putrana ngagentos jadi raja.

17

Sanggeus Yoas raja Israil pupus, Amasia raja Yuda masih keneh ngarajaan lima belas taun.

18

Carita Raja Amasia salian ti eta kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Yuda.

19

Sanggeus kitu di Yerusalem aya anu sakait rek nelasan Amasia. Amasia kabur ka Lakis. Tapi ku musuhna diudag nepi ka beunang, tuluy ditelasan di dinya.

20

Layonna dicandak kana kuda ka Yerusalem, tuluy dimakamkeun di makam karajaan di Kota Daud.

21

Ti dinya urang Yuda ngamakutaan putrana anu yuswana genep belas taun, nya eta Usia, dijadikeun raja.

22

Sanggeus ramana pupus, Usia hasil ngarebut deui kota Elat jeung ngomean eta kota.

23

Yarobam II putra Yoas jadi raja nagara Israil dina taun kalima belas Amasia putra Yoas ngarajaan nagara Yuda. Calikna di Samaria, ngarajaanana opat puluh hiji taun.

24

Lampahna nirca ti PANGERAN, nurut kana kajahatan Raja Yarobam bin Nebat saheulaeunana, anu mawa Israil kana dosa.

25

Anjeunna meunangkeun deui sakabeh wewengkon Israil, ti kalerna mimiti ti jalan ka Hamat, ka kidulna nepi ka Laut Paeh, tinekanan sakumaha jangji PANGERAN Allah Israil anu diandikakeun ka abdi-Na, Nabi Yunus bin Amitai ti Gat Heper.

26

Katingali ku PANGERAN yen urang Israil kacida balangsakna turug-turug teu aya pisan anu nulungan.

27

Ku Mantenna ditulungan ku jalan Raja Yarobam II, sabab ngahukumna lain pikeun salalawasna, lain supaya urang Israil tumpur sama sakali.

28

Carita Raja Yarobam II salian ti eta, hal kagagahanana dina perang, jeung hal anjeunna mulangkeun Damsik jeung Hamat jadi deui bawahan nagara Israil, kaungel dina Kitab Babad Raja-raja Israil.

29

Anjeunna pupus, dimakamkeun di makam karajaan di Samaria, sarta Jakaria putrana ngagentos jadi raja.

Link: